Lirik Lagu Runtah- Doel Sumbang, Biwir Beureum-Beureum

- 30 Januari 2023, 17:20 WIB
Ilustrasi Musik.
Ilustrasi Musik. /Pixabay/Tommyvideo/

Panonna alus, irung alus, biwir alus
Ditempo ti hareup ti gigir mani mulus
Ngan hanjakal pisan kalakuan siga sétan
Gunta-ganti jalu teu sirikna unggal minggu

Naha kunaun nu geulis loba nu bangor?
Naha kunaon nu bangor loba nu geulis?
Sigana mah ngarasa asa aing hadé rupa meureun, Jang Oman
Bisa payu ka sasaha tungtungna jadi cilaka

Kulit kelir konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu

Ngan naha atuh beut dimumurah?
Géblég hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju.***

Halaman:

Editor: Muhammad Ahlan Kalasuba


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x